In the Spotlight
Kagegeloan kucarita Prabu Siliwangi
Majarkeun teh urang Sunda turunan maung, padah lalakon Prabu Siliwangi sok dipatula patalekeun jeung simbol maung. Sim kuring mah skeptis kana sejarah teh. Kunaon? Kusabab tong wara mangratus ratus taon, saratus taon ge sejarah mah can tangtu enyana. Loba dibolak balik jiga Tangkuban Parahu (kanyataan nu sabenerna di jungkir balikkeun). Eta tuda Sangkuriang make ngamuk pedah teu laksana ngawin indungna, make bogoh ka indung sagala jiga nu euweuh deui wae Mojang Bandung anu lenjang.
Bandung Nelah Kota Kembang
Jadi emut kana salahsahiji tembang nunyaritakeun kamonesan panorama tatar Sunda jeung kamolekan wanojana. Cik geura dangukeun, Bandung Bandung Bandung nelah Kota Kembang (nyaritakeun kamolekan mojang Bandung meureun..jigana teh the most beautiful in the world we..) Dilingkung gunung heurin kutangtung (nyaritakeun endahna Panorama tatar Sunda nepika rea pendatang ngadon miceunan runtah nepika Aa Dada kabakaran Jenggot). Keun Pa Dada, matak kitu ge baretaheun meureun di Bandung hawana Sejuk, mojangna lenjang, aman, hiji-hijina kota di Indonesia nu teu keuna ku bencana huru hara. Jigana lamun didukung ku kasejahteraannana, sapantesna warga Bandung mah mun disurvey teh masuk kana jajaran masarakat anu pang bagja-bagjana saalam dunya.
Resep dibalik Aman Tentram Bandung
Ceuk Rahul, dibalik Bandung aman teh aya resepna geuning. Majarkeun Bandung mah aman beda tinu lian the, sanes padah dijaga ku para wali nu salapan, tapi kakecapkeun aya 5 Aa nungajaga ngariksana. Urang sebutkeun didieu:hiji mun peryogina kangge makanan jasmani lumpat we ka Aa Laksana, tapi lamun peryogi makanan ruhani lumpat we ka Aa Gim, terus upami peryogi ngajaga salira supaya sehat berotot sakaligus jagi-jagi bilih aya nu ngarogahala lumpatna ka Aa Boxer,-anjeunna fakar ngalatih otot. Teras hiji deui Aa nungagaduhan kota Bandung nyaeta Aa Tarmana,,,walikota sateuacan Aa Dada. Tong Kamalinaan Nga Bandung an Bilih tikeulay manah
Naha ngan opat? Hiji deui Aa naonnya? Meureun Aa a…ing we atuh, ari teu ay amah. Eh sanes kitu kasep, sakedahna memang aya hiji Aa deui nu ngalatih otakna urang Sunda ngameh mencrang..ngameh urang Sunda kabeh bisa jadi Prabu (Perbu) Siliwangi (SilihWangi) maksadna perbuatanna silih wangi silih seungitan atanapi silih asah silih asih silih asuh. Apanan urang Sunda mah terkenal bersahabat teu resep permusuhan kaangkaramurkaan…..majarkeun teh mangga we ti payun..mangga we ti payun…abdi mah reuseupna nga Bandung an…Tong kamalinaan ngabandungannana bilih kaburu rusak kubatur, mun tos rajet mah abot memperbaikinana……
Sunda, Pasundan, Pajajaran, Parahyangan Ari Jawa teh maksud harfiahna Jiwa, ari Sunda teh Jelmana. Naha jelmana teh rek ngajelma jadi jin sok ngabohong, jadi setan sok mitnah atawa jadi iblis sok ngabunuh. Kuduna jadi malaikat ngameh bener lurus hanif tingkahlakuna. Da manusamah berlapislapis topeng, naha rek ditopengan ku jin, setan, iblis atawa malaikat. Mangga we pilih, bebas da engke ge salira sorangan nungarasakeun akhiratna (akibatnya). Ari Pajajaran teh kan jalma teh ngajajar sama sadarajat di hadapan Kholiqna. Ari Pasundan teh wawangunannana,-pembangunnana lah atanapi community developmentnya. Tah lamun Parahyangan mah karuhunna, -keturannana-, genetisna.
Maksud harti kota-kota di tatar Sunda.
Cianjur maksudna cai anjuran, hartina cai wudhlu keur sholat. Ari Tasik teh yen cai eta teh resik bersih, ari Bogor teh bokor wadahna tina Kuningan. Jang wudlhu teh bisa pake cai nyusu oge (Sumedang), ari Subang sumber kokocoran cai nyusu eta. Ari Cirebon teh cai ibun cai mun isuk isuk geuningan. Lamun Purwakarta mah jelemana, Serang sawahna, Sukabumi imahna, Banten kabatinana, Cilegon hate sanubari nunyelegon di bathin, Garut mah warugana. Ciamis hasil perbuatannana, Bekasi ge hasil panen sawahna.
Gedung Sate Ikon Kota Bandung
Seni dibalik kesemrawutan lalu lintas
Peuyeum & Peuyeumpuan Bandung Naon bedana Peuyeum sarem Peuyeumpuan Bandung? Ari peuyeum mah amis, ari peuyeumpuan bandung mah manis geulis pokona hayang nyium we…
Saung Angklung Mang Ujo,Pupuh Sunda, & Kacapi Suling